All about Us

Kamis, 26 Juni 2014

Renungan Shalat (kultum)

Shalat Solusi  Krisis Moral
Bersama Ustadz Muliayawan Gumilar, S.Pd.I

السلام عليكم ورحمة الله وبركاته
الحمد لله رب العالمين والصلاة والسلام على سيدنا وحبيبنا ومولانا محمد وعلى اله وحصبه اجمعين اما بعد
Alhamdulillah kalayan izin Allah dina wengi ieu, urang tiasa kempel deui ngariung sasarengan dina suasana mapag puasa romadon. Teu karasa, bahkan asa ujug-ujug 2 peting deui urang geus bakal ngalaksanakeun tarawaeh sarta puasa romadon. Alhamdulillah…………

Waktu nu terus nyerelek, tug ayeuna urang nyedek kana bulan ka-9, nyatana bulan Romadhan 1435 H, syahrul syiyam bulan puasa. Bulan anu ku urang ditunggu-tunggu kadatanganana ku 1,5 milyar kaum muslim di buderen ieu alam dunya.

Tah para saderek anu dimulyakeun Allah Ta’ala.
Salagi nunggu 2 poe ka harep, urang manfaatkeun sahade-hadena kasempetan pikeun nyampurnakaeun persiapan. Nu geus siap, alhamdulillah, mun can siap simkuring ngajak “Hayu urang persiapan ti ayeuna!’.

Salafusaleh mah geus biasa tataharna 2 bulan samemehna, ti mula rajab nepi sya’ban. Naon wae anu disiapkeun? Paling pokokna mah persiapan  lahiriah jeung batiniah, sangkan dina waktuna bisa ngalaksanakeun puasa kalayan tengtrem, ayeum, rineh tumaninah.

Tah, Alhamdulillah para saderek nu berbahagia.
Di tempat nu ku urang dipikacinta ieu, teu pareum-pareum kagiatan pangaosan minggonan berjalan.

Aya ustadz Abdullah Syafi’ie, M.Pd nu nyepeng tafsir al-qur’an
Aya ustadz  Samsam Budiman, M.Pd nu ngabejer beaskeun masalah aqidah akhlana.
Aya ustadz  Asep Fathurrahman, S.Pd.I anu ngalengkepan bahasan ku pangarti ngenaan Tsaqofah Islamiyah.
Aya ustadz Saeful Jan anu netelakeun pentingnya ilmu qur’an sarta car abaca anu bener.
Sareung pribados anu ngorehan ilmu fiqih kanggo praktekeun ibadah sadidinteun.

Sakalina  ngaos, jama’ahna full house, pinuh dugi ka luar-luar, bakating ku pinuhna, dugi ka luar-luar, bahkan aya nu nepikeun digolodog imah. Naon?  Tolab ….. naon barudak? Tolab.
Ngan tolabna dikemas dina sinetron

‘Anak Manusia’
Ayo kita semua anak manusia
yang tak luput dari dosa
lelaki wanita yang tua yang muda
semua pasti pernah salah

Tak ada satupun yang hidup sempurna
karena status kita hamba
yang Maha Sempurna ya Allah taala
karena status Allah Tuhan kita
Wahai Allah wahai Tuhanku ampuni semua dosa-dosaku
Dosa ibu dan bapakku dan dosa-dosa semua hamba-Mu
Wahai Allah wahai Tuhanku berikan kebaikan dunia-Mu
Kebaikan akhirat-Mu, jauhkanlah api neraka-Mu

Berbuatlah untuk duniamu kawan
Seakan hidup selamanya
Berbuatlah untuk akhiratmu teman
Seakan esok tiada

Nu ngajina di imah bari nongton palebahan jadwal rotinan kemis mah lain di dieu, di ditu tuh…
di gunung…. Di mana? Di gunung….
Di dieu mah Alhamdulillah….

Hadirin anu berbahagia.
Satiap agama mibanda ajaran atawa ngaku-ngaku boga ajaran sorangan.
·         Yahudi aya Sesebaan arah kiblatna ka Baitul Maqdis
·         Nasrani aya Kebaktian di Gareja.
·         Hindu aya Bhakti Yoga bari maca Mantra Gayatri.
·         Budha aya Puja.
·         Jeung urang Umat Islam ku Allah SWT dipiwarang ngadegkeun shalat di masjid bari malik ka kiblat nyaeta Ka’bah Baitullah.

Urang sebagai umat islam, patut bersyukur ayana parentah sholat. Sahanteuna aya sababaraha alesan ku naon make sholat?
Shalat the mangrupikeun isra wal mikrajna mukmin. Kayakinan umat islam, ngalengkahna ti bumi masing-masing ngajugjug masjid the di sebut isra’ hartosna lempang. Ku kituna Kanjeung Nabi SAW ngajarkeun ka urang hiji do’a sangkan lempangna urang ka masjid ulah ngan saukur nyaho ngaran tambuh rupa. Naon maksudna? Ongkoh urang nyaho nu mana masjid, mana baitullah. Tapi teu apal jang naon urang ka masjid?
Kumaha do’ana the?
اللهم اني خرجت من بيتي الى بيتك اتقاء سختك و ابتغاء مرضاتك فاسألك ان تنقذنى من النار وان تغفر ذنوبي فانه لا يغفر الذنوب الا انت
Nun Gusti Allah, sayaktosna simabdi angkat ngajugjug tempat nu disebat rumah Gusti, inggis pami ngalalaworakeun janteun matak lungsurna bebendu Gusti. Nanging, neda ieu lengkah janteun cupat lungsurna karidoan Gusti. Ku halna kitu, simabdi neda ka Gusti disalametkeun tina seneu naraka, sareung dihapunteun samudayaning kalelepatan simabdi.”
Aya di dieu nu ka masigit nyolempang bedog? Aya di dieu nu ka pangaosan nyonyoren bedil? Sugan ieu mah ka masigit the kudu apruk-aprukan, kudu apay-apayan, kudu susulumputan da sieun kanyahoan? Aya? Teu aya ….
Alhamdulillah pan teu aya?  Bingah simkuring di dieu mah, masjid rame di ditu di dieu. Jam 4 aya nu tarkhim ngahaleang ngahudangkeun nu sarare. Sanajan nu adzanna aki-aki,
‘…….’ Tapi ari nu berjama’ahna mah in sya Allah opatan jeung samak, limaan meureun tah jeung bedug. Di mana? Di laut…. Lain di dieu.
Bu! Pa! Bu/Pa! Pa/Bu! .....  
Saterasna, shalatna mangrupikeun perwujudan mikraj. Naon mikraj the? Naek…. Bapak naek tangkal kalapa….. mikraj. Ujang naek taraje, mikraj. Kana suhunan menerkeun genteng , mikraj. sahingga kanjeung Nabi ngadawuh, ‘As-Shalatu mikrajul mumin.’

Nu kadua, sholat the mangrupakeun wasilah antara Pangeran jeung Hamba.
Uninga HP? Naon? Sanes harapan palsu, nya? Ceup budak ayeuna mah Hand Phone.
Barudak…. Jang naon cing ari HP? Ngobrol. Jarak jauh atawa deukut? Jauh. ku ayana teknolohi urang pan bisa berkomunikasi kalayan gampang, sanajan pajauh tempat.
Boga HP teu?  Mending mana ieu, hape alus euweuh sinyalan atawa hape murah bisa dipake ngobrol? Iraha wae jeung dimana wae?  Matakan geuningan si Darso mah menikeun ka ngahaleang kieu.

Jelema palinter
Dunya beuki maju
Najan urang pajauh
Bisa ngobrol unggal waktu

Tiap SMS-an atawa nelepon
Teu jadi pikiran
Kajeun pulsa kabobolan
Nu penting mah bisa ngobrol jeung manehna

Sholat the wasilah atawa media nu ngabantu komunikasi antara Hamba jeung Pangeran.
Sahingga Abu Khudzaifah ra sasauran,
عَنْ حُذَيْفَةَ قَالَ : كَانَ النَّبِىُّ   إِذَا حَزَبَهُ أَمْرٌ صَلَّى (رواه أحمد ابوداود)

Dari Hudzaifah rodhiyallahu ‘anhu, beliau berkata,
“Apabila Rasulullah   mengalami kesulitan, maka beliau segera melaksanakan shalat.”
(HR. Ahmad dan Abu Daud)

Ku ayana sholat, urang bisa ngabangun kayakinan rehna Alloh Ta’ala deukeut pisan, sarta urang dimana wae, iraha wae jeung keur kumaha wae. Leuwih-leuwih ti hape. Ari hp mah pan so kaya usum lobet. Naon lobet the?

Sangkan hape bisa dipake, maka kudu make kartu?
Aya Mentari. Naon mentari the Bu, Pa, Barudak?
Mentari the artina Men = mengamalkan, Ta =  ta’lim pangajaran, Ri = ringan dalam ibadah.
Mangkana, nabi SAW ngajarkeun ka para sahabatna sholat istikharah,
‘………………’
Nu kadua Simpati. Naon Simpati the?
Simpati; S = Sabar dlm ibadah, sabar dina ngajauhan laranganNa dan sabar nalika kamusibatan, Im= Iman yakin rehna Alloh bakal nyampurnakeun ku pahala anu pohara gedena pikeun nu sabar, Pa=Patuh atawa ta’at beribadah nu ngadekeutkeun diri ka Gusti nu Maha Suci, T=Tawakal kana kumaha wae hasilna dan sagala rupa ge dumasar iradat Pangeran, jeung I=ikhlash dalam putusanNya. Shalat ngajarkeun ka urang, di mana-mana urang keur kamusibatan, kudu sabar,
Katakanlah (Muhammad), “Wahai ham-ba-hamba-Ku yang beriman! Bertak-walah kepada Tuhanmu.” Bagi orang-orang yang berbuat baik di dunia ini akan memperoleh kebaikan. Dan bumi Allah itu luas. Hanya orang-orang yang bersabarlah yang disempurnakan paha-lanya tanpa batas.

Sahingga lahirlah shalat hajat. Shalat anu tujuanna piekun negerkeun hate sangkan teu ragu, teu mangmang Allah bakal mantuan kana sagal ikhtiar, nu hasilna dipasrahkeun ka Mantenna.

Katilu, Star One
Naon star one the?
S = Soleh; akidah, ibadah jeung muamalah, Ta = Tawadu, R = roja, ngarepkeun rahmat maghfirah Allah Ta’ala.

Kultum Shalat Solusi Krisis Moral